Ciri-Ciri Dongéng
Bacaan nu judulna “Sangkuriang Kabeurangan” di luhur téh disebutna dongéng. Ari dongéng téh carita rékaan anu anonimus dina wangun basa lancaran. Maksudna rékaan téh lantaran dina dongéng mah kalakuan jeung paripolah palakuna sok pamohalan. Upamana waé sasatoan bisa nyarita kawas manusa.
Ari anonimus maksudna dongéng mah teu kanyahoan saha nu ngarangna. Najan kiwari mah dongéng téh geus aya nu dibukukeun. Malah aya nu didongéngkeun dina radio atawa televisi. Juru dongéng Sunda nu kasohor téh upamana waé: Wa Képoh, Mang Jaya, jeung Mang Barna.
Kiwari dongéng téh lain dipaké mépéndé atawa nyingsieunan budak bangor, tapi geus dijadikeun média hiburan. Husus keur barudak sakola anu resep ngadongéng, ayeuna mah unggal taun ogé sok aya pasanggirina anu diayakeun ku Dinas Pendidikan, Dinas Kabudayaan & Pariwisata, jeung Jurusan Pendidikan Basa Sunda UPI Bandung.
Dongéng nyaéta carita rékaan anu dikarang dina wangun basa lancaran kalawan sumebarna sacara lisan, nyaéta tatalépa ti hiji jalma ka jalma séjénna. Ku kituna, pangarangna tara ieuh kanyahoan, malah ti iraha mimiti sumebarna ogé tara kapaluruh, hés
Ku kituna, bisa disebutkeun yén ciri-ciri dongéng téh, di antarana waé:
Sumebarna sacara lisan.
Teu kanyahoan saha nu ngarangna (anonim).
Ngagunakeun basa lancaran.
Eusi caritana mangrupa rékaan malah réa anu pamohalan.
Ukurannana ilaharna pondok.
Lian ti éta, aya deui ciri dongéng anu séjénna nyaéta dongéng mah sok ngandung ajén atikan, pangpangna anu patali jeung akal budi. Nu deleka jeung culika, bisana sok cilaka. Ari nu sabar jeung tawékal, pinanggih bagja.
Struktur Carita dina Dongéng
Di luhur disebutkeun yén dongéng téh diréka dina basa lancaran. Ku kituna, unsur pangrojongna ogé tangtu méh sarua jeung unsur séjénna anu diréka dina basa lancaran, upamana baé jeung carpon atawa novel. Unsur carita nu ngadeudeul dongéng ngawengku ieu di handap:
a. Jejer (téma): Téma nyaéta idé, gagasan, atawa jejer pikiran anu ngajiwaan carita. Upamana dongéng “Sasakala Tangkuban Parahu” témana téh perkara moral.
b. Latar (sétting): Latar atawa sétting nyaéta patempatan, waktu/mangsa, atawa suasana lumangsungna carita. Dina dongéng “Sasakala Tangkuban Parahu” nu jadi latar tempat nyaéta aya di leuweung, karaton, jeung ranggon. Latar waktu nyaéta jaman baheula, beurang, peuting, jeung janari. Ari suasanana aya nu geueuman aya nu pikasediheun.
c. Palaku (tokoh): Palaku atawa tokoh nyaéta naon-naon (bisa jalma, sasatoan, tutuwuhan, atawa bangsa jin jeung siluman) anu ngalalakon tur dilalakonkeun dina carita. Saban palaku boga pasipatan atawa watek séwang-séwangan, naha sabar, gedé
ambek, bageur, atawa angkara murka. Palaku dina dongéng “Sasakala Tangkuban Parahu” di luhur nyaéta raja, Wayungyang, Dayang Sumbi, Si Tumang, jeung Sangkuriang. d. Galur (alur): Galur atawa alur nyaéta runtuyan kajadian dina carita anu ngawangun hiji lalakon nepi ka ngaleunje
ur. Galur dina dongéng “Sasakala Tangkuban Parahu” di antarana kasang tukang pangaresep raja Karajaan Priangan anu resep moro, ditéma ku lahirna Dayang Sumbi, tuluy lahirna Sangkuriang, ditéma deui ku pundungna Sangkuriang alatan ditakol ku sinduk ku Dayang Sumbi, Sangkuriang tepung deui jeung Dayang Sumbi tuluy ngajak kawin, niat Sangkuriang bolay, tug kajadian nalapung parahu nepi ka nangkub. e. Amanat (pesen): Amanat atawa pesan nyaéta rupani
ng hal atawa perkara nu rék ditepikeun ku pangarang dina karyana. Amanat biasana raket patalina jeung téma. Amanat dina dongéng “Sasakala Tangkuban Parahu” di antara hirup téh kudu asak sasar jeung asak jeujeuhan, kudu panjang pikiran jeung ulah ukur tumamprak kana kaayaan tapi kudu dibarung ku do 'a jeung usaha (iht iar).
Papasingan Dongéng
Tina sajumlahing dongéng anu sumebar di masarakat, bisa dipasing-pasing jadi sawatara bagian:
a. Fabel: atawa dongéng sasatoan, nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun sasatoan kalawan paripolahna saperti manusa. Upamana waé bisa nyarita jeung bisa mikir. Contohna: dongéng "Gajah jeung Sireum", dongéng "Gagak Hayang Jadi Merak".
b. Parabel: atawa dongéng jalma biasa, nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun paripolah jalma biasa, anu sakapeung mah sok mahiwal, pikaseurieun, tapi lenyepaneun. Contohna: dongéng "Si Kabayan Ngadeupaan Lincar", dongéng "Si Kabayan Ngala Nangka".
c. Légenda: atawa dongéng sasakala, nyaéta dongéng nu eusina nyaritakeun kajadian atawa asal-muasal hiji hal, tempat, barang, sasatoan, atawa tutuwuhan. Contohna: dongéng "Sasakala Tangkuban Parahu", dongéng "Sasakala Uncal Tandukan".
d. Sagé: atawa dongéng babad, nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun hiji kajadian atawa hiji jalma, anu aya patalina jeung sajarah. Contohna: dongéng "Sangiang Borosngora", dongéng "Sunan Permana di Puntang".
e. Mite: atawa dongéng kapercayaan, nyaéta dongéng anu raket patalina jeung kapercayaan masarakat kana bangsa lelembut atawa perkara-perkara anu goib. Contohna: dongéng "Nyi Roro Kidul", dongéng "Ngipri ka Siluman Oray".
Dongéng téh asalna sumebar sacara lisan, ngan ayeuna geus aya sawatara dongéng anu geus dibukukeun, upamana waé Dongéng-Dongéng Sasakala (Ki Umbara), Aker Dangsé (Wahyu Wibisana), Jurig Kabayan (Tini Kartini), Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét (Ami Raksanagara), jeung
Tina sajumlahing dongéng anu aya di Tatar Sunda, aya sawatara dongéng anu geus dipagelarkeun dina wangun drama atawa téater, malah aya anu geus dijieun pilemna, contona dongéng “Sangkuriang” jeung “Si Kabayan”.
No comments:
Post a Comment