Monday, October 5, 2020

Dongeng Sunda " Sangkuriang "

 abdulharisaziz@:

                                      “Legenda Gunung Tangkuban Perahu”

Dina hiji mangsa, dicaritakeun aya sahiji putri raja di jawa barat ngaranna dayang sumbi. Dayang sumbi boga anak lalaki nu kasep ngaranna sangkuriang. Sangkuriang kareseupna ngaburu sasatoan di leweng. Sangkuriang dibaturan ku hiji anjing nu ngaranna tumang, anjing eta lain sawajar anjing, nu sabenerna anjing eta titisan dewa nu mangrupakeun bapana sangkuriang.

Tina hiji poe, sangkuriang jeung tumang mangkat ka hiji leweng, naha kunaon pas sangkuriang nitah si tumang ngudag buruan ka leweng, si tumang embungen nuturkeun kahayang sangkuriang, nah akhirna si tumang diusir ka jero hutan ku sangkuriang.

Sa entos sangkuriang balik deui ka istana, sangkuriang nyaritakeun kajadian eta ka indungna nyaeta dayang sumbi.


Ngadenge carita eta, dayang sumbi teras ngambek kacida, teu sadar akhirna dayang sumbi nakol sirahna si sangkuriang make sendok sangu anu keur di cekelna nepi ka aya urutna. Sangkuriang ngambek, terus akhirna langsung mangkat ngembara ninggakeun istana karajaan na. Saprak kajadian eta dayang sumbi nyesel ka anu tos naon dilakuken nana ka sangkuriang.

Sa entos kajadian eta, dayang sumbi terus nga-doa jeung tapa. Tina hiji wangsa, dewa-dewa masihan hadiah ka dayang sumbi nyaeta rupa awet ngora jeung kageulisan anu abadi. Entos lami pisan sangkuriang mangkat, akhirna sangkuriang mutuskeun balik dei ka istana. Sa entos nepi ka istana, sangkuriang ningali kerajaan eta teh tos beda pisan.

Di dinya oge, sangkuriang ningali aya hiji awewe anu geulis kacida nu teu lain padahal mah indungna. Ningali tina kagelisan nana, akhirna sangkuriang niat rek ngalamarna. Sabalikna oge, sangkuriang teh sosok jalmi anu kasep, nu mantak nyien dayang sumbi oge reseupen ka pamuda eta teh.

Dina hiji poe, sangkuriang caritana arek pamit menta izin rek ngaburu di leweng. Sangkuriang menta dayang sumbi pang ngarapihan keun tali nu ditalian dina sirahna. Dayang sumbi rewaseun pas ningali aya urut bared tina sirah sangkuriang nu arek jadi calon suamina eta teh.

Urut bared eta, persis pisan kos anakna nu tos ngarantau bahela. Dayang sumbi merhatikeun terus, dipikir-pikir beungetna oge mirip pisan jeung anakna nu mangkat harita.


Dayang sumbi mulai ngarasa curiga, akhirna dayang sumbi niat rek ngagagal keun perkawinan eta teh, dayang sumbi teras ngajukeun dua syarat ka pamuda eta, nyaeta: Ka hiji, dayang sumbi hoyong pamuda eta teh ngabendung cai citarum, kadua na, dayang sumbi hayang hiji sampan parahu anu gede pikeun nyebrang cai citarum.

Kadua syarat eta kudu tos di lakukeun saencan panon poe mulai bijil. Nah dina peting eta keneh, sangkuriang mulai ngalakukeun dua syarat eta. Sangkuriang mulai tapa jeung ngerahkeun makhluk-makhluk gaib pikeun ngabantuan ngawujudkeun dua syarat eta.

Dayang sumbi, mulai ningali lalaunan pagawean sangkuriang nu sabenerna ampir beres di lakukeun. Dina waktu eta keneh, dayang sumbi oge mulai marentahkeun pasukan nana pikeun ngabentangkeun laon sutra nu warna beurem ti sabelah kota timur, sa olah-olah okos panon poe nu karak bijil.

Sangkuriang terus ningali warna bereum eta, jeung ngira panon poe tos mulai bijil. Sangkuriang akhirna teu jadi neruskeun pagawean nana, ngambek lantaran nganggap teu bisa ngabulkeun dua syarat eta.

Make kakuatan nana, akhirna sangkuriang ngabobol bendungan anu entos di jienna, teu lila jadi banjir gede jeung nendang sampan parahu nu tos dijienna. Sampan parahu eta ngalayang jeung akhirna ragag dina hiji gunung nu ayena disebut “gunung tangkuban parahu.”

atosan bae .....

soal 

1. saha bae palaku dina eta dongeng?

2. dimana eta kajadian dongeng teh?

3. kumaha watakna dayang sumbi ?

4. asalna teh ti daerah mana dongeng eta?

5. naon amanat anu tiasa dicandak ti na eta dongeng teh?

Thursday, October 1, 2020

Nama-Nama Skor Tertinggi PUH Basa Sunda

 Pekan Ulangan Harian telah dilangsungkan selama satu minggu di mulai dari tanggal 21-25 september 2020 di sma negeri 15 bekasi, khusus untuk mata pelajaran basa sunda saya akan mengumumkan nama siswa dengan nilai tertinggi di level kelas sepuluh (x). saya akan mengumumkan siswa-siswi dengan nilai tertinggi dengan mata pelajaran bahasa sunda ini sebagai motivasi bagi siswa-siswa yang lainnya supaya bisa bersaing lagi.

             khusus untuk mata pelajaran bahasa sunda masih banyak siswa-siswi yang belum mengikuti ULANGAN HARIAN saya harapkan untuk lebih memperhatikan itu, karena nanti akan ada akumulasi nilai ulangan harian dengan ulangan wajib lainnya. jika siswa yang belum mengikuti akan di berikan tugas yang akan menyita waktu kalian.

            Dalam pemberian nama di akun GOOGLE CLASROOM saya harapkan kalian memakai nama ASLI dan LENGKAP, untuk memudahkan dalam penilaian sehingga semua nilai kalian juga bisa valid dengan benar ke buku nilai guru. ditambah lagi untuk absensi mata pelajaran basa sunda kalian harus absen dikolom komentar dengan tepat waktu, jadi bila kalian terlambat absen akan terlihat karena nama kalian yang terlambat pasti akan tercampur dengan kelas lain. jadi terlihat terlambatnya kalian masuk mata pelajaran basa sunda.

            terima kasih saya ucapkan atas kerjasamanya saya harapkan kalian lebih memperhatikan lagi apa saja yang telah saya tulis di atas, jika ada pertanyaan atau apa saja kalian boleh komen di kolom komentar.

berikut adalah nama-nama dengan nilai tertinggi mata pelajaran basa sunda selama PUH ganjil di sman 15 bekasi :

            1. Abella Arvina Syaviah (ipa 1), Adeline Maya Agustine (ipa 4), M. arkan ( ipa 6)

            2. Aisyahtul Fitriah (ipa 4), Ezra Tansil (ipa 6 )

Berikut adalah nama -nama dengan nilai tertinggi pada nomor yang sama adalah skor nilai yang sama jumlahnya. selamat buat kalian saya harapkan untuk meningkatkannya lagi nilai yang telah di dapat sekarang.