sajak teh mangrupa ungkara pikiran, rasa jeung gagasan pangarang, nu ditepikeun pikeun ngagambarkeun hiji pasualan. eta pasualan teh biasana dina kanyataan kahirupan sapopoe, bisa oge ukur reka cipta pangarang sabada ngaliwatan proses imajinasi dan kontemplasi, anu satuluyna dijanggelekeun dina wangun rakitan basa anu endah.
biasana sajak mah ditulis dina wangun ungkara konotatif ( kiasan ). kukituna sajak mah aya kalana hese di pikaharti, lantaran ari ungkara konotatif mah loba salib jeung siloka. beda jeung harti denotatif anu ngungkapkeun harti sajalantrahna. tapi najan kitu, tetep we ungal sajak mibanda makna jeung amanat nu keur macana. kukituna tangtu bae sajak teh mibanda unsur - unsur pangwangun anu ngadeudeul kana jenglengan rumpaka eta. eta unsur-unsur teh diantarana.
1. jejer (tema)
tema teh gagasan pokok nu rek di tepikeun ku pangayak ka nu maca. tema dina sajak rupa-rupa aya tema kaagamaan ' tema kamanusiaan, cinta ka lemah cai jeung sajabana.
2. suasana
suasana teh mangrupa kaayaan atawa situasi. dina sajak, suasana teh mangrupa hal nu ngahirupkeun eusina.suasana jeung jejer teh kudu nyambung.
3. nada
nada nu di maksud nada didieu mah nyaeta nada nyarita. saperti ambek, sinis, pasrah jeung sajabana.dina hiji sajak biasana aya sababaraha nada nyarita.
4. rasa
rasa rakeut patalina jeung suasana katut nada. rasa teh ngajiwaan eusi sajak. rasa dina sajak bisa kapanggih sabada di baca.naha di baca na teh gogorowokan, digalantangkeung, dihariringkeun,atawa di leunyeupan dina jero hate.
5. wirahma
wirahma dina sajak rakeut patalina jeung lentong. halon tarikna sora, atut ancang-gancangna maca. urang kudu apal kana babagean sajak. mana anu pantes di halonkeun jeung mana nu pantes di bedakeun.
6. sora
sora atawa vokal mangrupa unsur di luar eusi sajak.dian maca sajak sora teh kudu bedas jeung bentes.tapi teu ngandung harti gogorowokan nepi ka ranteng urat beuheung.
7. paroman
paroman nu maca sajak teh kudu di barung ku paroman ( mimik) anu luyu jeung bagean melas- melis jeung eusi sajakna pikasediheun. pan ieu mah maca sajak teh lain nyeungceurikan sajak.
8. pasang peta
upama urang maca sajak, sadar atawa heunteu sok di barung ku pepeta, malah aya kalana leungeun jeung suku milu obahnuturkeun bagean sajak nu di kedalkeun. nu penting mah ulah nepikeun ka mijah atawa kaleuleuwihan.