Sunday, August 28, 2022

Wanda atau jenis wawancara

 NGAGUAR WANDA WAWANCARA

Upamana nilik kana tujuan jeung lumangsungna kagiatan, wawancara teh bisa dipasing-pasing jadi sawatara wanda ieu dumasar ka nu ngawawancara jeung sipat wawancara.

Dumasar ka nu carana, kagiatan waancara dibedakeun jadi tilu rupa, nyaeta wawancara mandiri, wawancara kelompok, jeung wawancara konferensi.

a). wawancara Mandiri

wawancara individual sok disebut oge wawancara mandiri, hartina saurang pawawancara ngayakeun wawancara ka saurang narasumber. Wawancara mandiri biasana dilaksanakeun ku saurang warta keur maluruh narasumber keur nulis hiji warta.

 

b). wawancara Kelompok

wawancara kelompok mah biasana jumlah pawawancarana lobaan. Narasumber mah bisa saurang bisa wae kelompok. Upamana wae, sababaraha urang wartawan ti sawatara media TV, radio jeung Koran ngawawancara grup band, artis atawa tokoh politik. Pawawancara biasana ngasongkeun pananya anu beda-beda.

c). wawancara Konferensi

wawancara konferensi hartina kagiatan wawancara anu ngalibatkeun sawatara narasumber. Upmana wae acara talkshow dina TV atawa kagiatan diskusi public. Wawanacara kelompok ge bisa dilaksanakeun boh sacara langsung boh teu langsung (teleconference), upamana geus rea disiarkeun ku sawatara TV.

Dumasar kana sipatna, kagiatan wawancara dibedakeun jadi dua rupa, nyaeta wawancara kaugeran jeung wawancara bebas.

1). Wawancara Kaugeran

Wawancara kaugeran sok disebut oge wawancara tertutup, hartina pawawancara kudu bisa nyekel rusiah rupaning informasi tina hasil wawancara, ti mimiti identitas narasumber tug nepi ka perkara anu ditepikeun ku narasumber. Biasana pawawancara geus nyayagikeun angket anu patalekan jeung jawabanna geus disadiakeun. Narasumber mah pancenna ngeusian jeung milih jawaban anu dianggap luyu atawa bener.

2). Wawancara Bebas

Wawancara bebas the kagitan wawancara anu pananyana teu dirumuskeun heula ku pawawancara. Dian derna waancara, biasana mah pawawancara ngadadak ngasongkeun ka narasumberdiluyukeun jeung situasi katut kondisi waktu kagiatan wawancara lumangsung. Narasumber ge biasana mah mere jawaban-jawaban anu ngadadak kapikir harita keneh, henteu nyiapkeun heula jawaban. Wawancara bebas sok disebut oge wawancraa teu kauger kudu ngarusiahkeun identitas narasumber. Kitu deui pananya ge bebas teu kawatesanan. Narasumber ge bebas pikeun ngajawab, teu kawatesan ku pilihan jawaban.