Thursday, July 23, 2020

Materi Lanjutan


Materi Lanjutan : Nerjemahkeun Carita
DI JALAN
Mobil kijang ngadius meulah raména kota.
Di jero mobil, barudah meni teu répéh. Barungah naker tayohna téh.
“Tebih kénéh, Bu?” cék Diran , ngarérét ka bu éni.
”Puguh atuh. Apaan ieu mah di bandung kénéh. Tuh, kakara ngaliwat ka kebon binatang!”
            Pa oding calikna dina jok payun, gédéngn supir. Ari jok tukang mah dilaan, da ngarah lalega. Diamparkeun samak wéh. Babawaan dibugbrugkeun ditukang. Buéni calikna dibeulah kénca,di riung ku barudak awéwé. Pahareup – hareup jeungbbarudak lalaki.
 “buka kaca mobil téh,eungap!” cék bu éni.
Emod hideng. Tapi lila naker.
“teu tiasa abdi mah, bu!”
“kieu yeuh, ari muka kaca mobil!”ceuk diran.
“masing teu boga ogé, kudu diajar, ngarah heunteu kampungan!”

LATIHAN
Tarjamahkeun tek diluhur kana basa indonesia anu bener. Kudu saluyu naon tujuan tek na nu aya, jeung badé di tarjamakeun ku maranéh kabéhanana.
Jawabana.
Dikumpulkeun lewat google classroom


Catatan: absen di komentar nama dan kelas

Tuesday, July 21, 2020

Pasing-pasing Tarjamahan

PANGAJARAN 1 : PARIGEL NARJAMAHKEUN

Tarjamahan teh proses mindahkeun hiji amanat tina basa sumber kana basa panarima ( sasaran nu di tuju) kalawan ngartos ma'na jeung gaya basa na.
Nurutkeun widya martaya & sudiati (2005) wanda tarjamahan teh umumna aya genep (6), nyaeta :

1. TARJAMAHAN INTERLINIER
            nyaeta tarjamahan ungal kecap , dumasar kana runtuyan kecap tina basa aslina.

2. TARJAMAHAN FORMAL atawa HARFIAH
            nyaeta tarjamahan biasa (tradisional) anu mindahkeun basa naskah tina basa sumber bari teu merhatikeun kahususan basa sasaran.

3. TARJAMAHAN DINAMIS / FUNGSIONAL 
            nyaeta mindahkeun basa anu mertahankeun ma'na anu dikandung dina basa sumber, sarta merhatikeun kahususan dina basa sasaran.

4. SADURAN nyaeta hasil tarjamahan bebas anu mentingkeun amanat, tapi ngabudalkeun make kekecapan sorangan. anu kaasup wanda ieu tarjamahan teh aya tilu nyaeta :
           a. tarjamahan sastra nyaeta anu narjamahkeun karya sastra sapertos puisi jeung drama kalawan museurkeun wangun-wangun puisi, konotasi emotif jeung gaya basa.
           b. tarjamahan faktual anu ngutamakeun nganalisis fakta, hususna dina widang usaha (niaga) jeung teknologi.
           c.parafraseu

5. TARJAMAHAN BUDAYA
           nyaeta narjamahkeun ma'na tapi ngaluyukeun jeung budaya sasaran

6. TARJAMAHAN OTOMATIS
          nyaeta tarjamahan anu ngagunakeun mesin atawa aplikasi tarjamahan basa tina hiji naskah kana basa sasaran.

                narjamahkeun teh kawilang proses anu komplek ngawengku tilu runtuyan kagiatan, singgetna mah kieu :
-mariksa ( analisis )
-mindahkeun ( transfer )
-ngawangun deui ( restructuring )

                                             
 CATATAN :
-Berikan komentar dengan nama, asal sekolah, dan alamat instagram (wajib )