Unsur-Unsur Kawih
Rumpaka dina kawih, kakawihan, jeung tembang téh mibanda ajén sastra. Umumna ditulis dina wangun puisi sisindiran atawa puisi bebas. Ku kituna, rumpaka kawih, kakawihan, jeung tembang téh mibanda unsur-unsur puisi. Upamana waé diwangun ku bait (pada), jajaran (padalisan), purwakanti, gaya basa, jeung kecap-kecap (diksi) anu dipakéna dipilih pisan. Kitu deui bisa dipaluruh naon témana, kumaha nadana, amanatna, jeung naon nu dicaritakeunana.
Unsur-unsur dina rumpaka kawih
téh saperti kieu:
a. Adegan Lahir
Nu dimaksud adegan lahir téh
nyaéta unsur fisik rumpaka kawih di sawang tina wangunna. Nu kaasup kana adegan
lahir rumpaka kawih, di antarana waé:
- Wangun (tipografi)
Rumpaka kawih téh ditulisna béda-béda, upamana waé aya nu sapada, dua pada, jeung saterusna. Tina sapadana gé teu matok siga sisindiran atawa pupuh, bébas kumaha pangarangna. - Pilihan kecap(diksi)
Rumpaka kawih nu alus téh gumantung kana kecap-kecap anu dipaké ku pangarangna. Biasana sok kapanggih kecap-kecap anu geus langka dipaké (arkaik), tuluy dipaké nuliskeun kawih. Upamana waé, kecap asih diganti jadi kecap durijat, atawa kecap sedih diganti jadi kecap tunggara. - Citraan(imaji)
Citraan atawa imaji téh nyaéta pangaruh kecap ka nu maca atawa ngaregepkeun kawih. Biasana mah aya patalina jeung naon anu karasa, katempo, jeung kadéngé ku nu maca atawa ngaregepkeun tina kecap-kecap anu aya dina kawih. Citraan dina rumpaka kawih sifatna bisa citraan swara (auditif), citraan panempo (visual), jeung citraan pangrasa (taktil). Rumpaka kawih nu alus téh taya lian anu bisa ngabalukarkeun nu maca atawa ngaregepkeunana téh milu ngarasaeun kana naon anu ditepikeun dina éta kawih. - Gayabasa(figuratif)
Gaya basa dina rumpaka kawih téh bisa ngabalukarkeun ayana harti konotatif. Gaya basa dina rumpaka kawih bisa nimbulkeun harti nu bénghar kana eusina. Kawih téh jadi prismatis, hartina bisa mibanda harti anu mundel, jero, tur loba. Dina basa Sunda aya sawatara gaya basa, upamana mijalma, ngasor, kadalon, rarahulan, jsté. - Purwakanti
Purwakanti nyaéta padeukeutna sora kecap boh di awal, di tengah, atawa di tungtung ungkara kalimah. Nilik kana perenahna, purwakanti téh bisa ngaréndéng dina sakalimah atawa sapadalisan, bisa ogé ngarantuy antar padalisan. Ku lantaran kitu, purwakanti téh aya nu ngajajar (purwakanti rantayan), anu ngarantuy (purwakanti runtuyan), atawa gabungan boh rantayan boh runtuyan. Nurutkeun M.A. Salmun, purwakanti téh aya 10 rupa: purwakanti pangluyu, purwakanti maduswara, purwakanti cakraswara, purwakanti laraswara, purwakanti larasmadya, purwakanti laraswekas, purwakanti mindoan kawit, purwakanti mindoan wekas, purwakanti mindoan kecap, jeung purwakanti margaluyu.
Titénan deui rumpaka kawih ieu di
handap!
Sinatri ada natala
Béla bangsa jeung nagara
Dibarengan tékad suci
Berjuang keur lemah cai
(padalisan ka-1 → pada/ bait)
Rumpaka di luhur téh jumlahna
sapada (bait). Sapadana diwangun ku opat padalisan (jajaran). Dina rumpaka di
luhur, aya sora-sora anu sarua di unggal padalisan. Dina padalisan kahiji jeung
kadua, nu sarua téh sora [a]. Dina padalisan katilu jeung kaopat, nu sarua téh
sora [i]. Sora-sora nu sarua dina rumpaka kawih kitu téh disebutna purwakanti.
Cindekna nu disebut purwakanti téh nyaéta padeukeutna atawa saruana sora kecap
dina ungkara kalimah.
Nilik perenahna, purwakanti téh
aya dua. Saruana atawa padeukeutna sora kecap nu ngajajar ka gigir dina
sapadalisan disebut purwakanti rantayan. Contona rumpaka kawih di luhur. Ari
sarua atawa padeukeutna sora kecap nu ngarantuy ka handap tur biasana aya di
tungtung ungkara padalisan mah disebutna purwakanti runtuyan.
b. Adegan Batin
Adegan batin rumpaka kawih mah
teu katémbong langsung, tapi kudu diteuleuman atawa dirarasakeun. Carana bisa
dibaca sababarah kalikeun atawa disungsi kumaha eusi atawa maksudna.
- Jejer (sense)
Jejer téh poko pikiran anu aya dina rumpaka kawih. Téma téh gagasan poko anu rék ditepikeun ku pangarang ka nu maca. Téma dina rumpaka kawih rupa-rupa, aya téma kaagamaan, kamanusaan, cinta ka lemah cai, jsté. Upamana waé rumpaka kawih “Tanah Sunda” di luhur téh nyaritakeun kaayaan Tanah Sunda anu keur harénghég. Jadi bisa dicindekkeun témana téh ngeunaan cinta ka lemah cai (sarakan). - Rasa (feeling)
Rasa téh ngajiwaan eusi rumpaka kawih. Rasa dina rumpaka kawih bisa kapanggih sabada dibaca. Naha dibacana téh …