Monday, August 4, 2025

Pasing-pasing Tarjamahan

PANGAJARAN 1 : PARIGEL NARJAMAHKEUN

Tarjamahan teh proses mindahkeun hiji amanat tina basa sumber kana basa panarima ( sasaran nu di tuju) kalawan ngartos ma'na jeung gaya basa na.
Nurutkeun widya martaya & sudiati (2005) wanda tarjamahan teh umumna aya genep (6), nyaeta :

1. TARJAMAHAN INTERLINIER
            nyaeta tarjamahan ungal kecap , dumasar kana runtuyan kecap tina basa aslina.

2. TARJAMAHAN FORMAL atawa HARFIAH
            nyaeta tarjamahan biasa (tradisional) anu mindahkeun basa naskah tina basa sumber bari teu merhatikeun kahususan basa sasaran.

3. TARJAMAHAN DINAMIS / FUNGSIONAL 
            nyaeta mindahkeun basa anu mertahankeun ma'na anu dikandung dina basa sumber, sarta merhatikeun kahususan dina basa sasaran.

4. SADURAN nyaeta hasil tarjamahan bebas anu mentingkeun amanat, tapi ngabudalkeun make kekecapan sorangan. anu kaasup wanda ieu tarjamahan teh aya tilu nyaeta :
           a. tarjamahan sastra nyaeta anu narjamahkeun karya sastra sapertos puisi jeung drama kalawan museurkeun wangun-wangun puisi, konotasi emotif jeung gaya basa.
           b. tarjamahan faktual anu ngutamakeun nganalisis fakta, hususna dina widang usaha (niaga) jeung teknologi.
           c.parafraseu

5. TARJAMAHAN BUDAYA
           nyaeta narjamahkeun ma'na tapi ngaluyukeun jeung budaya sasaran

6. TARJAMAHAN OTOMATIS
          nyaeta tarjamahan anu ngagunakeun mesin atawa aplikasi tarjamahan basa tina hiji naskah kana basa sasaran.

                narjamahkeun teh kawilang proses anu komplek ngawengku tilu runtuyan kagiatan, singgetna mah kieu :
-mariksa ( analisis )
-mindahkeun ( transfer )
-ngawangun deui ( restructuring )

                                             
 CATATAN :
-Berikan komentar dengan nama, asal sekolah, dan alamat instagram (wajib )