Contoh Laporan Tentang Kegiatan Karang Taruna Bogor
Laporan Kagiatan
Di susun ku:
Elva Marliah
Indah Anugrah Juniarti
Nurendah Tri Ramadhaniati
Pratiwi Septiani
XII IPA 1
KEMENTERIAN AGAMA REPUBLIK INDONESIA
MADRASAH ALIYAH NEGERI 1 KOTA BOGOR
Jl. DR.SEMERU KOMP. BUMI MENTENG ASRI (Jl. TERAPI)
Telp. (0251) 8338865, fax. (0251) 8315815
“LAPORAN PERTANGGUNG JAWABAN KAGIATAN SABA BUDAYA KARANG TARUNA BOGOR”
A. KASANG TUKANG
Dumasar kana disusunna program kerja Karang Taruna ieu ogé kusabab sakumaha kauninga ku urang sadaya yén kawilang pentingna ieu kagiatan téh. Saperti kagiatan wisata anu parantos diayakeun ku urang sadaya, nu dina danget ieu nyaéta kagiatan wisata atanapi saba budaya.
Ngaliwatan kagiatan ieu, urang sadaya parantos kenging kasugemaan salaku pribadi Anggota sarta Pangurus Karang Taruna anu tos sakitu lamina ngalaksanakeun pancénna, diantarana ngalaksanakeun kagiatan rutin sejenna. Panginten masih seueur kakirangan dina ieu kagiatan.
B. TUJUAN KAGIATAN
Aya ogé tujuan diayakeunna ieu kagiatan téh nyaéta :
1. Nyugemakeun pribadi Anggota sarta Pengurus karang taruna
2. Nambah wawasan sarta numbuhkeun rasa silih ngahargaan antar anggota sarta Pengurus karang taruna
3. Ngenalkeun sarta nunjukkeun kakayaan budaya nyaéta pariwisata anu digaduhan ku urang supados nyiptakeun rasa tanggung jawab kanggo ngajaga sarta ngalestarikeunana.
C. NAMI KAGIATAN
Nami ieu kagiatan nyaéta “WISATA KARANG TARUNA BOGOR”
D. WAKTOS SARENG TEMPAT KAGIATAN
Kegiatan ieu insya allah badé dilaksanakeun dina:
Dinten : Sabtu wengi dugi ka Minggu enjing
Kaping : 25 – 27 September 2021
E. PESERTA
Peserta dina ieu kagiatan nyaeta:
1. Panitia : 7 Urang
2. Peseta : 22 Urang
Jumlah Sadayana : 29 Urang
F. OBYEK WISATA
a. Pantai Parangtritis
b. Kaliurang
c. Malioboro
G. SUSUNAN PANITIA
Terlampir
H. RINCIAN ANGGARAN
Terlampir
PANUTUP
Sakitu laporan kagiatan anu tiasa di dugikeun supados tiasa diuninga ku pihak anu aya patalina sareng ieu kagiatan. Partisipasi, bantuan, sareng kerjasamana ogé ti unggal pihak anu parantos ngabantos kana suksesna ieu kagiatan, sim kuring ngahaturkeun rewu nuhun ka sadayana.
Lampiran I
SUSUNAN PANITIA
KAGIATAN WISATA KARANG TARUNA BOGOR
1. Pelindung : Bp. SUNARYO
2. Pembina jeung penasehat : Bp. AHMAD KUDJAINI
3. Pupuhu Panitia : MOCH. ALFIYAN
4. Sekertaris : DENI SETIAWAN
5. Bendahara : M. AKHSIN
6. Seksi Acara : M. AKHIYAT
7. Seksi Konsumsi : UMAMI FAIZAH
8. Seksi P3K : M. ASFAN, M. YAHYA
9. Seksi Pubdok : AMAR MAKRUF
Lampiran II
RINCIAN ANGGARAN
Pamasukan:
a. Kas Karang Taruna : Rp. 726.000
b. Dana Peserta : Rp. 1.800.000
c. Kontribusi Panitia : Rp. 400.000
d. Sisa DP : Rp. 100.000 + Total nu asup : Rp. 3.026.000
Pangeluaran:
1. Travel bus : Rp. 2.300.000
2. Kanggo sopir jeung kondektur : Rp. 100.000
3. Tiket asup Pantai Parangtritis : Rp. 80.000
4. Tiket asup Kaliurang : Rp. 75.000
5. Parkir Bus 3 tempat (3 x Rp. 10.000) : Rp. 30.000
6. Snack jeung Cai Aqua : Rp. 113.000
7. ATK : Rp. 30.000
8. Tambahan keur Sopir jeung Kondektur (Roko, jsb.) : Rp. 30.400
9. Obat-obatan jeung P3K : Rp. 40.000 10. Lain-lainna : Rp. 10.000 +
Total Pengeluaran : Rp. 2.808.000
TOTAL ANGGARAN :
Total Pemasukan – Total Pengeluaran
(Rp. 3.026.000 – Rp. 2.808.000) Sisa : Rp 218.000
No comments:
Post a Comment