Wednesday, August 5, 2020

SUPERVISI GURU


 SUPERVISI

NAMA                     : ABDUL HARIS AZIS
KELAS                    : XI IPA 2
MAPEL                   : BASA SUNDA

Kompetensi dasar :        
11.3.2.1. Memahami ragam jenis puisi sisindiran (rarakitan, paparikan dan wawangsalan)

11.3.2.2. Mengidentifikasi kaidah-kaidah bentuk puisi sisindiran

       saya melakukan supervisi di tahun 2019 sebagai syarat ataupu tugas seorang guru. dilaksanakan pada tanggal 27 september 2019 jam 9 pagi. sebagai persiapan bahan supervisi saya menyiapkan beberapa dokumen.
 administrasi harian guru absen siswa, rpp harian, silabus serta beberapa dokumen pendukung lainnya. seperti infokus soundspeaker agar terlihat seperti di dalam pembelajaran yang aktif.
siapkan PPT juga untuk mendukung pembelajaran lebih produktif lagi. dalam hal ini supervisi merupakan hal yang begitu penting bagi tiap sekolah sebagai syarat akreditasi nantinya semua guru-guru atau pendidik melewati masa ini untuk persiapan kelayakan ataupun penilaian yang harus diperbaiki selama didalam kelas. setiap guru harus menguasai bahan ajar juga penguasaan kelas yang baik. disamping itu juga kelengkapan administrasi dan alur pembelajaran harus diperhatikan.
       bagi teman- teman guru yang belum pernah melaksanakan ini, saya harap ini dapat menjadi gambaran supervisi yang sudah saya lakukan dan mudah-mudahan bermamfaat bagi teman-teman guru sekalian. amin

Tuesday, August 4, 2020

Soal Basa Sunda Kelas X


1.        Tengetan ieu kalimah!
Harta kekayaan kesepuluh orang yang ikut dalam pemilihan Gubernur Jawa Barat belum bisa diketahui masyarakat.  (dicutat tina PR Februari 2018).   
       Tuduhkeun mana tarjamahan nu pangbenerna!
A.     Harta kakayaan sapuluh urang nu baris makalangan dina pemilihan Gubernur Jawa Barat can bisa dipikanyaho ku masrakat.
B.     Harta kakayaan kasapuluh urang nu baris makalangan dina pemilihan Gubernur Jawa Barat can bisa kanyahoan ku masrakat.
C.     Harta kakayaan sapuluh urang patandang nu baris makalangan dina milih Gubernur Jawa Barat can bisa dipikanyaho ku masrakat.
D.     Harta kakayaan kasapuluh urang nu baris makalangan dina pamilihan Gubernur Jawa Barat can bisa dipikanyahokeun ku masrakat.
E.      Harta kakayaan sapuluh urang nu baris makalangan dina pemilihan Gubernur Jawa Barat can bisa dipikanyahoan ku masrakat.
2.      Baca teks di handap kalawan saregep!
Aku mencintaimu lebih dari yang kau tahu
Meski kau tak kan pernah tahu
Baru kusadari cintaku bertepuk sebelah tangan
kau buat remuk seluruh hatiku,
seluruh hatiku.

     Paribasa  bertepuk sebelah tangan sarua hartina jeung ….
A.     keprok sorangan                   
B.     keprok sabeulah
C.     seuri sorangan
D.     resep  sorangan
E.      imut sorangan

3.        Baca paguneman di handap kalawan saregep!
Dadang   : “Basa kamari, aya dulur kuring ti Jakarta, nya   kapaksa kuring teh rada mamalayuan.”
Aceng     : “Na kumaha kitu?”
Dadang   : “Enya bingung kumaha narjamahkeun kana basa Indonesia tina basa Sunda, atuda bingung.”
Aceng     : “Cik kumaha kalimahna?”                     
Dadang   : “Nya ku kuring teh jadi kieu we, silahkan makannya yang dapat.”
Aceng     : “Oh ceuk basa Sundana mah ....

     Jawaban nu merenah pikeun paguneman di luhur nya éta…
A.     mangga sing kenging dituang
B.     mangga, sing dituang kenging
C.     mangga, sing dicobian kenging
D.     mangga sing kekengingan taruangna
E.      mangga sing diraraosan  kengingna

4.      (1)   Sumebar sacara tinulis
    (2)   Ngandung hal-hal nu teu asup akal
(3)   Caritana basajan
(4)   Caritana jembar   
(5)   Ngandung ajén atikan
(6)   Teu kapaluruh saha nu ngarangna
(7)   Ngandung unsur seni
(8)   Sumebar sacara lisan
(9)   Ngandung hal-hal nu teu pamohalan

Ciri-ciri umum nu biasana aya dina dongéng diantarana ....
A.     1, 2, 3, 4
B.     2, 3, 5, 8
C.     2, 4, 6, 8
D.     5, 7, 8, 9
E.      1, 6, 8, 9

5.      Titenan sempalan – sempalan dongeng di handap ieu !
1)      Kacaritakeun sakadang monyét  ngajak ngala cabé ka sakadang kuya, ngalana teh di kebon  patani, waktu keur ngala cabé kapanggih ku patani sakadang monyét mah bisaeun  kabur ari sakadang kuya mah katéwak ku patani sabab teu bisa lumpat.
2)      Baheula Islam mimiti asup ka wewengkon Rancakalong, dibawana ku tilu jalma sepuh ti Cirebon, nya éta nu katelah Éyang Purwa, Éyang Singalanto jeung Éyang Bagus Pangéling.
3)      Dina hiji dinten putri aya pamundut, tapi ku raja atanapi ramana teu tiasa ditedunan. Atuh gantawang waé nyeuseulan séséépan. Inten berlian pamasihan ramana diawur-awur payuneun ramana.
4)      Waktu Prabu Siliwangi jadi raja di tatar Sunda, nya éta Pajajaran Wétan jeung Pajajaran Kulon, anjeuna kagungan istri anu jenenganana Nyi kentring Manik Mayang Sunda anu nuju bobot.
5)      Si Kabayan ti barang gék diuk dina korsi geus lelenggutan waé nundutan. Saperti biasa tukang cukur téh ari ceg kana gunting jeung sisir bari terus ngabuih.

Sempalan dongéng di luhur nu kagolong kana wangun fabél nyaéta….
A.     1
B.     2
C.     3
D.     4
E.      5
6.      Baca sempalan dongeng di handap!
Sadatangna ka imahna, manéhna rék nyoba ménta beunghar. Tapi tuluy kapikir rék ménta duit baé. Da mun téa mah tuluy dibéré kuda, sapi, atawa ingon-ingon, kacipta réncédna da kudu dijual heula. Ari boga duit mah apan hayang naon baé gé bisa. Tapi manéhna kacalétot ngomong. Maksudna hayang loba duit, ari pok bet hayang loba ceuli. Barang keleweng téh batu dialungkeun, ngan breng baé awakna pinuh ku ceuli. Mani kawas tunggul anu pinuh ku lémbér.
Dicutat tina http://kelassunda.blogspot.com
Hal nu pamohalan tina dongéng di luhur bisa kapanggih tina kalimah
A.     Sadatangna ka imahna, manéhna rék nyoba ménta beunghar
B.     Da mun téa mah tuluy dibéré kuda, sapi, atawa ingon-ingon, kacipta réncédna da kudu dijual heula
C.     Ari boga duit mah apan hayang naon baé gé bisa
D.     Maksudna hayang loba duit, ari pok bet hayang loba ceuli
E.      Barang keleweng téh batu dialungkeun, ngan breng baé awakna pinuh ku ceuli.

7.      Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok
Kalimah di luhur lamun ditulis dina aksara Sunda nyaéta...
Description: Description: https://lh3.googleusercontent.com/cJsuOSkWQcC56RwGYcrgTxYdrmcezumjG4D_JYLovM-6F9nY7nH5TswyaT6SGdZZ9tet13kzpaoIbiGnfAay5Ny9SzHgBzAIDBmcOU3QC4G7wsi9i_Hg9WzcNLPW6RcqUBqMmmmK

8.      Dihandap ieu mangrupa hal-hal nu aya dina laporan kegiatan
(1). Kasang Tukang
(2). Wengkuan Kagiatan
(3). Maksud jeung Tujuan
(4). Dasar Hukum
Susunan bubuka laporan kegiatan anu bener nya éta ….
A.     (1), (3), (4), (2)
B.     (2), (4), (3), (1)
C.     (1), (4), (3), (2)
D.     (4), (2), (1), (3)
E.      (3), (1), (2), (4)


9.      Dina nulis laporan, urang diperendih (dituntut) sangkan nyieun laporan anu faktual.
Harti kecap faktual dina éta kalimah miboga harti ….
A.     Kudu saluyu (sesuai) antara data jeung fakta
B.     Kudu saluyu jeung kaayaan hate penulis
C.     Kudu saluyu jeung paménta pimpinan
D.     Kudu dibarenganku unsur-unsur pamohalan
E.      Kudu ditulis ku ahlina


10.    Baca sing gemet téks wawancara di handap!
Akmal       : “ Assalamualaikum, pak, damang? ”
Pak Hasan   : “Waalaikumussalam, pangestu alhamdulillah”
Akmal         : “ Nepangkeun pak, wasta pun Akmal, punten pami jenengan sareng saha?”
Pak Hasan   : “ Mangga, abdi sareng Pak Hasan”
Akmal         : “ …………………..”
Pak Hasan   : “Seueur aturan lalu lintas mah, contona wae upami Ujang berkendara  motor, éta kedah ngaggé hélem, gaduh Surat Izin Mengemudi (SIM), kedah taat kana rambu-rambu lalu lintas, jrrd.
Akmal         : “Aya sanksi anu tangtu henteu upami urang ngarempak éta aturan?”
Pak Hasan   : “Tangtu waé aya, misal kanggo pengendara motor kena tilang teras henteu gaduh SIM, éta dipidana ku pidana kurungan panglamina 4 bulan atawa denda pangseueuerna sajuta rupiah”.
…….

Kalimah anu luyu pikeun ngalengkepan wawancara di luhur nya éta ….
A.     “Bapak, abdi badé tumaros perkara aturan  lalu lintas di jalan raya. Naon nu dimaksud lalu lintas téh?”
B.     “Bapak, abdi badé tumaros perkara aturan  lalu lintas di jalan raya. Conto aturan lalu lintas téh naon waé?”
C.     “Naon fungsina aturan lalu lintas?”
D.     “Sabaraha denda upami aturan lalu lintas di rempak?”
E.      “Sabaraha lami bapak janten pulisi?”

Monday, August 3, 2020

Padika Narjamahkeun ( Tatacara Menerjemahkan )


PADIKA NARJAMAHKEUN

                Aya kamampuh basa nu kudu kacangking mun rék narjamahkeun.
a.       Kamampuh gramatikal , mangrupa pangaweruh ngenaan kekecapan , nyusun kalimah, nyusun alinéa, jeung ngalarapkeun éjaan.
b.       Kamampuh sosiolinguistik , mangrupa pangaweruh ngeunaan hiji basa dina kahirupan sapopoédi masyarakat pamakéna.
c.       Kamampuh sémantik, mangrupa kamampuh dina ngaguar harti atawa ma’na téks anu rék di terjemahkeun

Aya média nu kalintang penting mun urang rék nerjemahkeun. Taya lian nyaéta KAMUS.
Diantarana nu kungsi nyusun kamus basa sunda nyaéta JONATHAN RIGG (1854), A. GEERDINK (1875), H.J OOSTING (1879), S. COOLSMA (1884) jeung FS ERINGA (1984).
Aya urang sunda anu nyusun kamus nyaéta
1.       R satjadibrata (1948)
2.       Oyon sofyan umsari ( 1992)
3.       R hartjadibrata ( 2003)
4.       RA danadibrata (2007)
5.       Budi rahayu tamsah
6.       Jsté...

Upama dipasing-pasing, kamus téh aya tilu rupa, nyaéta :
a.       Kamus umum, mangrupa kamus nu tujuanana pikeun kaperluan umum, lain ngenaan salah sahiji widang.
Conto na : Kamus Umum Basa Sunda ( LBBS, 1992); Kamus Basa Sunda ( RA Danadibrata, 2006)
b.       Kamus dua basa ( dwibasa ) mangrupa kamus anu nyebutan sasaruananakécap dina dua basa béda
Conto na: Kamus Lengkap Sunda Indonesia, Indonesia-Sunda. Sunda-Sunda ( budi rahayu tamsyah,2003); A dictionary of the sunda language of java ( jonathan rigg, 1862 ( 2009); sundanesse english dictionary ( RR Hardjadibrata, 2003)
c.       Kamus istilah mangrupa kamus nu eusina ngamuat istilah-istilah dina hiji widang paélmuan.
Conto  : Kamus Istilah Basa Sunda ( iskandarwassid, 1992); Kamus Istilah  élmuning  Basa Sunda ( Sudaryat, 2005)

Kamus téh kalintang pentingna dina narjamahkeun, pangpangna mah kamus dwibasa. Lantaran kamus dwibasa mah eusina nerangkeun sasaruaan kecap diana dua basa anu béda. Ayena na mah kamus ogé bisa di download ku HP tur bisa dipaké iraha waé jeung di mana waé.
  
note : catatan materi harus di tulis di buku pelajaran

Pék jawab anu bener !!! ( di google classroom jawab na )
1.    Kumaha carana narjamahkeun ték nu bener ceuk maranéh ?
2.    Naon sabab na kecap anteran hésé di tarjamahkeun kana basa indonésia ?
3.    Naha mun dék nerjamahkeun perlu ngabanding kamus dwibasa ?
4.    Keur naon guna na palanggeran nuliskeun unsur serepan ?
5.    Kamampuh naon anu kudu kacangking dina narjamahkeun ?